Béré tanda cakra (x) dina aksara a, b, c, atawa d di hareupeun jawaban anu dianggap
bener!
1.Baca dina jero haté sempalan guguritan di handap!
Hirup Rukun
Karya: HR Suryalaga
. . . .
Ku ayana sélér bangsa,
éta téh sunnah Illahi,
kersana Alloh Ta’ala,
nyipta bangsa rupi-rupi,
baréda warna kulit,
tur henteu sami pamulu,
rupa-rupa basana,
keur urang mah Sunda sidik,
anu mawi basa Sunda téh piara.
. . . .
(Dicutat tina Buku Mida Dami, Kelas 5 kaca 31)
Guru wilangan jeung guru lagu guguritan di luhur nyaéta . . . .
a.8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a, 8-i, 12-a
b.8-i, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a, 8-i, 12-a
c.8-a, 7-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a, 8-i, 12-a
d.8-a, 8-i, 7-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a, 8-i, 12-a
2.Dina guguritan di luhur aya kecap pamulu.
Naon hartina pamulu téh?
a.Tangtungan
b.Rupa
c.Dedegan
d.Awak
3.Naon eusina guguritan di luhur?
a.Basa Sunda aya di unggal sélér bangsa di Indonesia.
b.Basa Sunda béda pamuluna jeung basa-basa séjénna.
c.Basa Sunda anu rupa-rupa téh kudu dipiara jeung diagul-agul.
d.Basa Sunda kersana Alloh Subhanahu Wata’ala kudu dipiara.
4.Urang mah kaasup.......bangsa Sunda, kudu nyarita ku basa Sunda.
Kecap anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta . . . .
a.Sélér
b.Turunan
c.Daérah
d.Wewengkon
5.Nurutkeun pamanggih hidep kudu kumaha sangkan basa Sunda tetep nanjeur?
a.Basa Sunda kudu dipiara tur dimekarkeun.
b.Basa Sunda kudu dikana-bukukeun.
c.Basa Sunda kudu dijadikeun kenang-kenangan.
d.Basa Sunda kudu ditanyakeun ka nu ahli.
kunci jawaban
1.A 4. a
2.B 5. a
3.d